Minggu, 21 November 2021

Yus Wiradiredja & Euis Komariah – Leungiteun.



Leungiteun kuring leungiteun.  

Dikamanakeun ieung … Dikamanakeun. 

Genclang herang cikahuripan. 

Dileuwi sipatahunan. 

Direka na papantunan. 

Kiwari ngan kari ngaran. 

Leungiteun … Kuring Leungiteun. 

Dikamanakeun ieung… Dikamanakeun. 

Dongeng endah katumbiri. 

Taraje Langit nu asri. 

Widadari turun mandi. 

Lumungsur ti Kahiyangan. 

Gusti rumasa diri gagabah.  

Ngagadabah alam endah kagungan gusti. 

Gusti kiwari gunung bulistir. 

Nu tinggal ca’ah jeung banjir. 

Ampun Gusti .. Ampun

Rabu, 17 November 2021

Mojang Priangan




Angkatna ngagandeuang

Bangun taya karingrang

Nganggo sinjang dilamban

Mojang Priyangan

Umat imut lucu

Sura seuri nyari

Larak-lirik keupat

Mojang Priyangan

Diraksukan kabaya

Nambihan cahayana

Dangdosan sederhana

Mojang Priyangan

Mojang anu donto

Matak sono nu némpo

Mun tepung sono ka

Mojang Priyangan

Gareulis maranis

Disinjang lalenjang

Éstu surup nu némpo

Mojang Priyangan mojang priyangan

Selasa, 16 November 2021

Bambung Hideung


Bambung hideung
Bara-bara teuing diri
Leuheung bari dianggo ka suka galih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareung bebendu unggal ti salira ju…ag
Awiiii teh pangajul buah
Lantaran ti kitu
Sora bedil luhur mega paripaos
Teu paya lepat saeutik
Diri abdi kagamparan
Eeee.. Banondari, nu geulis kawanti wanti
Nu endah na malih warna puputon kembang kadaton
Jungjunan,
Lamun teu… kauntun tipung, katambang beas laksana kapiduriat
Matak paeh ngabale bangke
Matak edan leuleuweungan
Matak paeh ngabale bangke….
Matak edan leuleuweungan…..
Aduh alah iyeung, da leuleuweungan….
Asol asolali waung wa ung wa ung wae..
Asol asolali waung wa ung wa ung wae..
Aya ucap, paribasa
Sarung bantal mungguh cipruk seep saputangan hiji
Ceurik balas ku nalangsa, abdi nalang…sa
Nguping hujan tengah weungi di imah keueung sorangan
Nguping hujan tengah weungi di imah keueung sorangan
…..diimah keueung sorangan…..
Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
Nyangigir asa gigireun, nangkarak asa luhureun
Aduh alah iyeung… asa luhureun..
Asol asolali waung wa ung wa ung wae..
Asol asolali waung wa ung wa ung wae..
Jung nangtung asa lanjung
Gek duk diuk asa tiguling
Leumpang asa da nga..long..ke..wang

Yus Wiradiredja & Euis Komariah – Leungiteun.

Leungiteun kuring leungiteun.   Dikamanakeun ieung … Dikamanakeun.  Genclang herang cikahuripan.  Dileuwi sipatahunan.  Direka na papantunan...