Leungiteun kuring leungiteun.
Dikamanakeun ieung … Dikamanakeun.
Genclang herang cikahuripan.
Dileuwi sipatahunan.
Direka na papantunan.
Kiwari ngan kari ngaran.
Leungiteun … Kuring Leungiteun.
Dikamanakeun ieung… Dikamanakeun.
Dongeng endah katumbiri.
Taraje Langit nu asri.
Widadari turun mandi.
Lumungsur ti Kahiyangan.
Gusti rumasa diri gagabah.
Ngagadabah alam endah kagungan gusti.
Gusti kiwari gunung bulistir.
Nu tinggal ca’ah jeung banjir.
Ampun Gusti .. Ampun